Wednesday, October 12, 2022

Khutbah Jum'at Bahasa Sunda: PERJUANGAN ROSULULLOH SAW

 Jum’at, 07 Desember 2018

PERJUANGAN ROSULULLOH SAW

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ, وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَلَا عُدْوَانَ اِلَّا عَلَى الظَّالِمِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ. فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم لَّقَدْ كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللَّهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَن كَانَ يَرْجُو اللَّهَ وَالْيَوْمَ الْآخِرَ وَذَكَرَ اللَّهَ كَثِيرًا

Saparantosna muji syukur ka hadirot Alloh swt. Shalawat sinareng salamna mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman, oge mudah-mudah urang sadayana kengeng syafatul udma ti anjeuna. Amin Ya Robbal Alamin. Khotib wasiat, khususna kanggo diri khotib pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng nebihan sagala rupi anu dilarang-Na. Oge pamudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi anu taqwa. Amin ya robbal alamin.

Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah

Hadirin sidang jum'ah anu mulya

Sakumaha kauninga ku urang sadaya yen Kangjeng Nabi Muhammad Saw dibabarkeun sina dinten Senen, 12 rabi'ul awwal. Malihan sajabina ti dibabarkeun, dina dinten senen seueur kajantenan anu tumiba ka Kangjeng Nabi, diantawisna nyaèta:

- Kangjeng Nabi nampi wahyu anu munggaran dina dinten senen, 17 Romadon

- Kangjeng Nabi angkat hijrah ka Madinah dina dinten senen, 12 Rabiul Awwal

- Kangjeng Nabi pupus dina dinten senen, 12 Rabiul Awwal.

Nyakitu pantes upami Kangjeng Nabi nalika ditaros ngeunaan shaum dina dinten senen anjeuna ngawaler "Poè senen tèh poè kaula dilahirkeun, poè kaula diangkat jadi Nabi jeung poean diturunkeunana ka kaula Al-Qur'an"

Hadirin kaum muslimin!

Diantawisna sifat anu luhur ti kangjeng Nabi sateucana diangkat janten Nabi diantarana:

- Salami Kangjeng Nabi jadi pangangon domba can pernah sakali oge nenggel angonanana, atawa ngaluarkeun ucapan anu kasar sanajan ka sato

- Kangjeng Nabi tara nganyerikeun hate babaturanana atawa lawana boh ku ucapan atawa ku kalakuan, tapi salamina masihan bimbingan ka anu sejen ku conto anu hade

- Kangjeng Nabi pernah kapilih jadi hakim pikeun mutuskeun papaseaan antara kabilah-kabilah Arab anu parebut pada hayang nempatkeun hajar aswad

Sareung seueur deui anu sanesna.

Allah ngadawuh dina Al-Qur'an

لَّقَدْ كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللَّهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَن كَانَ يَرْجُو اللَّهَ وَالْيَوْمَ الْآخِرَ وَذَكَرَ اللَّهَ كَثِيرًا

 Temen-temen aya dina diri Kangjeng Nabi Muhammad pikeun aranjeun picontoeun anu hade, pikeun jalma anu ngaregepkeun Allah jeung Rasul-Na sarta pikeun jalma anu loba eling ka Gusti Alloh"

Para wargi ahli jum'ah rohimakumulloh

Aya 6 hal anu pinunjul dina perjuangan Kangjeung Nabi, nyaeta:

1. Ngangkat manusa tina kaancuran

Dina hal ieu aya sababaraha widang anu disanghareupan nyaeta:

a. Widang aqidah atawa tauhid

b. Widang ekonomi

c. Widang sosial

d. Widang politik

e. Widang kabudayaan

2. Rahmatan lil alamin

Lamun seug para Rosul sateuacana keur hiji bangsa atawa kaum, saperti Kaum Tsamud, Ad, Bani Isroil jeung sajabana. Mangka Kangjeung Nabi Muhammad mah diutusna teh keur sagala bangsa di sakuliah dunya. Karosulana lain ngan ukur sifatna lokal atawa regional tapi internasional

3. Meungkeut sabilulungan bangsa-bangsa

Lamun seug rosul-roaul samemehna baheula ngumpulkeun pribadi-pribadi sina jadi hiji bangsa, Kangjeung Nabi ngumpulkeun eta bangsa sina jadi hiji beungkeutan anu kuat tur pageuh dina tauhid ka Alloh. Alloh ngadawuh dina surat Al-Hujurot ayat 13

يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّا خَلَقْنَاكُم مِّن ذَكَرٍ وَأُنثَىٰ وَجَعَلْنَاكُمْ شُعُوبًا وَقَبَائِلَ لِتَعَارَفُوا ۚ إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِندَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ ۚ "He sakabeh manusa saenyana Kami geus ngajadikeun aranjeun jinisna lalaki jeung awewe nyakitu deui geus ngajadikeun aranjeuna bangsa-bangsa jeung suku-suku bangsa sangkan aranjeun silih kanyahokeun, jeung ari pang mulyana ti antara aranjeun nyaeta anu pangtakwana"

4. Prestasi dina sagala widang

5. Kumpul sagala sifat kapamingpinan

Hadirin rohimakumulloh !

Mudah-mudahan Alloh masihan hidayah ka urang sadaya sangkan tiasa nyonto sareung nulad kana sagala akhlak rosululloh saw. Amin yaa robbal alamin.

 

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

No comments:

Post a Comment