Jum’at, 07 Desember 2018
PERJUANGAN ROSULULLOH SAW
اَلْحَمْدُ
لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ, وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَلَا عُدْوَانَ
اِلَّا عَلَى الظَّالِمِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ
اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى
هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا
بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ
وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ. فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من
الشيطان الرجيم لَّقَدْ
كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللَّهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَن كَانَ يَرْجُو اللَّهَ
وَالْيَوْمَ الْآخِرَ وَذَكَرَ اللَّهَ كَثِيرًا
Saparantosna muji syukur ka hadirot Alloh swt. Shalawat
sinareng salamna mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya,
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka
sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman, oge mudah-mudah urang sadayana
kengeng syafatul udma ti anjeuna. Amin Ya Robbal Alamin. Khotib wasiat,
khususna kanggo diri khotib pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang
sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta
kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng
nebihan sagala rupi anu dilarang-Na. Oge pamudah-mudahan urang sadayana kalebet
jalmi anu taqwa. Amin ya robbal alamin.
Hadirin Kaum Muslimin
Rahimakumullah
Hadirin
sidang jum'ah anu mulya
Sakumaha
kauninga ku urang sadaya yen Kangjeng Nabi Muhammad Saw dibabarkeun sina dinten
Senen, 12 rabi'ul awwal. Malihan sajabina ti dibabarkeun, dina dinten senen
seueur kajantenan anu tumiba ka Kangjeng Nabi, diantawisna nyaèta:
-
Kangjeng Nabi nampi wahyu anu munggaran dina dinten senen, 17 Romadon
-
Kangjeng Nabi angkat hijrah ka Madinah dina dinten senen, 12 Rabiul Awwal
-
Kangjeng Nabi pupus dina dinten senen, 12 Rabiul Awwal.
Nyakitu pantes upami Kangjeng Nabi nalika ditaros ngeunaan shaum dina dinten senen anjeuna ngawaler "Poè senen tèh poè kaula dilahirkeun, poè kaula diangkat jadi Nabi jeung poean diturunkeunana ka kaula Al-Qur'an"