Jum’at, 23 Desember 2016/ 23 Rabiul Awwal 1438 H
SYAFAAT
NABI MUHAMMAD
اَلْحَمْدُ لِلّهِ الَّذِى
شَرَّفَنَا بِسَيِّدِ الْاَنَامِ . واَشْهَدُ اَنْ
لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةً تُنْجِى قَائِلِهَا مِنَ
الْكُرُوْبِ الْعِظَامِ. وَاَشْهَدُ اَنَّ سيدنا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
ذُو الشَّفَاعَةِ الْعُظْمٰى يَوْمَ الْاِزْدِحَامِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ
عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ سَبَقُوْنَا
بِالْاِسْلَامِ.قال الله تعالى فى القران الكريم. لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِى
رَسُوْلِ اللهِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللهَ وَالْيَوْمَ الْاٰخِرَ
وَذَكَرَ اللهَ كَثِيْرًا.
اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ
بِتَقْوَى اللهِ فَاِنَّهُ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ.
Sadaya puji kagungan
Allah Rabbul 'Alamiin. Urang sadaya manjatkeun puji sinareng syukur ka
Manten-Na, nyuhunkeun pitulung, sareng pangampunana-Na .
Oge urang nyuhunkeun
perlindungan ka Allah tina sagala rupi kajahatan anu aya dina diri, sareng tina
kalemahan amal-amal urang. Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep
dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW Oge ka
kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka Akhir
zaman, oge mudah-mudahan urang sadayana kaangken umat mantena, Amin ya robbal
alamin.
simkuring salaku
khotib umajak, khususna kanggo diri simkuring pribadi, sareng umumna ka sadaya
kaum muslimin. Supaya taqwa ka Alloh SWT, sabab ngan taqwa anu mawa kana
kasalametan di dunya sareung di aherat.
Hadirin sidang
jum’ah rohimakumulloh!
Perhatoskeun hadits Rosululloh SAW
anu diriwayatkeun ku Bukhori sareung Muslim:
اَنَا سَيِّدُ النَّاسِ يَوْمَ الْقِيَامَةِ وَلَافَخْرَ
“Kaula pamingpin sakabeh manusa jaga di yaumil Qiyamah jeung ucapan kaula ieu lain sombong atawa ngagul-ngagul”
Rosululloh SAW naros ka sohabat-sohabat: “Naha aranjeun
terang naon sababna?”
Sohabat-sohabat teu aya nu ngajawab
“Rosululloh neraskeun cariosanana.” Engke di poe kiamat Alloh SWT bakal
ngumpulkeun manusa dihiji lapangan anu disebut Almahsyar. Manusa pada harita
bakal nyaksian lautan manusa anu can pernah aya di alam dunya. Manusa harita
bakala ngadenge ributna sora-sora manusa anu can pernah kadenge di alam dunya.
Panonpoe diwaktu harita aya dina saluhureun manusa kira-kira sajengkal. Sakabeh
manusa harita bingung, resah mikirkeun saha anu bisa nyalametkeun, tina
kariweuhan-kariweuhan padang mahsyar. Sagolongan manusa boga pendapat teu aya
deui anu bisa nyalametkeun anging Nabi Adam bapaurang sararea. Maka ngabrul ngahadep
ka Nabi Adam: “He Nabi Adam anjeun bapa sakabeh manusa.” Alloh tos nyiptakeun
anjeun kalawan kakuasaanana. Alloh tos niup roh dina badan anjeun. Alloh tos
marentahkeun malaikat-malaikat supaya sarujud ka anjeun. Aloh tos nempatkeun
anjeun di sorga. Naha anjeun tiasa nyuhunkeun tulung ka Alloh SWT pikeun kami?
Naha anjeun henteu terang kaayaan
abdi sadaya?
Nabi Adam ngawaler:
“Saenya-enyana dina poe ieu Alloh SWT
nuju bendu anu teu acan pernah bendu model poe ieu, sareung moal bendu deui sa
atosna poe ieu. Alloh tos ngalarang kaula ulah ngadeukeutan tangkal tapi kaula
tos ngarempak larangan Allo kusabab kitu kaula teu bisa nulungan ka maraneh,
coba menta ka Nabi Nuh”.
Hadirin kaum
muslimin!
Sadaya
Tokoh-tokoh Nabi ti kawit Nab Ibrahim, Nbai Musa, Nabi Isa sadayana angkat
tangan teu bisa nulungan. Akhirna umat eta ngadatangan Nabi Muhammad SAW.
“Ya Muhammad
anjeun Rosululloh, Alloh atos ngahampura dosa-dosa anjeun. Naha anjeun henteu
terang kayaan kami? Kami tos mundar-mandir ka ditu ka dieu, tapi teu aya anu
bisa nulungan ka kami. Maka Kangjeung Nabi teu talangke deui anjeuna angkat ka
handapeun Arsy anjeuna sujud ka Alloh SWT. Anjeuna moal waka cengkat lamun can
aya jaminan kasalametan kangge umatna.
Ya Muhammad
geura cengkat anjeun, pek menta sakahayang anjeun. Alloh SWT bakal
ngalaksanakeun permintaan anjeun. Nabi Muhammad cengkat tina sujudna sarta
ngucapkeun: “Ya Alloh! Salametkeun umat abdi, salametkeun umat abdi.
Alloh SWT
ngadawuh deui.
يَامُحَمَّدُ! اَدْخِلْ مِنْ اُمَّتِكَ مَنْ لَا حِسَابَ عَلَيْهِمْ مِنَ
الْبَابِ الْاَيْمَنِ مِنْ اَبْوَابِ الْجَنَّةِ. (الحديث)
Ya Muhammad!
Asupkeun umat anjeun anu henteu diperlukeun hisab deui di panto nu belah
katuhu. Jeung nu sejena ti panto sejen.
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Tah kitu belana
Nabi Muhammad ka umatna, kumargi sakitu hayu urang tingkatkeun mahabbah ka ka
Kangjeng Nabi Muhammad SAW ku jalan nyonto kana akhlak rosul sareung sering
maos sholawat terutami di bulan Mulud ieu.
Mudah-mudahan Alloh swt maparin taufiq sareung
hidayah ka urang sadayana. Amiin Ya robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ
بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ
تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
No comments:
Post a Comment