Wednesday, October 12, 2022

Khutbah Jum'at Bahasa Sunda: HAYU URANG CONTO AKHLAK NABI MUHAMMAD

 Ahad, 08 Oktober 2022/ 12 Rabiul Awwal 1444 H

HAYU URANG CONTO AKHLAK NABI MUHAMMAD

اَلْحَمْدُ لِلّهِ الَّذِى شَرَّفَنَا بِسَيِّدِ الاَنَامِ . واَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةً تُنْجِى قَائِلِهَا مِنَ الْكُرُوْبِ الْعِظَامِ. وَاَشْهَدُ اَنَّ سيدنا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ ذُو الشَّفَاعَةِ الْعُظْمٰى يَوْمَ الْاِزْدِحَامِ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ الَّذِيْنَ سَبَقُوْنَا بِالْاِسْلَامِ.قال الله تعالى فى القران الكريم. لَقَدْ كَانَ لَكُمْ فِى رَسُوْلِ اللهِ اُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَنْ كَانَ يَرْجُوا اللهَ وَالْيَوْمَ الْاٰخِرَ وَذَكَرَ اللهَ كَثِيْرًا.

اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَاِنَّهُ يُحِبُّ الْمُتَّقِيْنَ.

Sadaya puji kagungan Allah Rabbul 'Alamiin. Urang sadaya manjatkeun puji sinareng syukur ka Manten-Na, nyuhunkeun pitulung, sareng pangampunana-Na .

Oge urang nyuhunkeun perlindungan ka Allah tina sagala rupi kajahatan anu aya dina diri, sareng tina kalemahan amal-amal urang. Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW Oge ka kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka Akhir zaman, oge mudah-mudahan urang sadayana kaangken umat mantena, Amin ya robbal alamin.

simkuring salaku khotib umajak, khususna kanggo diri simkuring pribadi, sareng umumna ka sadaya kaum muslimin. Supaya taqwa ka Alloh SWT, sabab ngan taqwa anu mawa kana kasalametan di dunya sareung di aherat.

Hadirin sidang jum’ah rohimakumulloh!

Alhamdulillah urang sadayana parantos didugikeun yuswa urang ku Alloh SWT ka sasih Mulud, sasih dimana dilahirkeunana kangjeung Nabi Muhammad SAW, hayu urang sadayana nyeueurkeun maos sholawat ka baginda Nabi, mudah-mudahan kuseueurna maos sholawat ka baginda Nabi baris nyalametkeun urang jaga di yaumil Jaza ku mangrupi Syafaat di baginda Nabi. Urang kudu ngarasa ajrih, ngaraha bungah ku datangna sasih Maulid ieu, sakumaha disebutkeun dina hiji syair:

تَرَحَّبْنَا بِقُدُوْمِ الشَّهْرِ الْبَدِيْع. مَرْحَبًا فَمَرْحَبًا يَا شَهْرَ الرَّبِيْع

Hadiri Rohimakumulloh. Dibulan ieu disatiap tempat, boh dikampung boh dikota di ayakeun mangrupa-rupa peringetan Maulid Nabi Muhammad SAW. Peringetan ieu di eusi ku hal-hal anu positif, hal-hal anu matak nimbulkeun banget cinta ka Jungjunan, saperti di eusi ku maca sholawat, ku maca perjalanan kangjeung Nabi Muhammad SAW, anu paling penting nyaeta momen dimana supaya urang nganyahokeun kana Akhlak Rosululloh SAW anu satuluyna di conto sangkan di aplikasikeun dina kahirupan sapopoe.

 

Hadirin kaum muslimin!

Akhlak kangjeung Nabi Muhammad SAW anu sakitu mulia, urang moal bisa nganyahokeun akhlak kangjeung Nabi sagemblengna, namung urang bisa nganyahokeun tina Al Qur’anul Karim, Hadits-hadits Nabi atanapi tina kitab-kitab Maulid Nabi.

Dina Al-Qur’an Surat At-Taubah 128, disebutkeun kumaha pasifatan kangjeung Nabi Muhammad SAW:

لَقَدْ جَاءَكُمْ رَسُولٌ مِنْ أَنْفُسِكُمْ عَزِيزٌ عَلَيْهِ مَا عَنِتُّمْ حَرِيصٌ عَلَيْكُمْ بِالْمُؤْمِنِينَ رَءُوفٌ رَحِيمٌ

Hadirin, syekh Ja’far al-Barzanji nyebutkeun baginda Nabi nyaeta sosok anu teu ngabeda-bedakeun manusa, sadayana di ayomi ku mantena.

وَيُحِبُّ الْفٌقَرَاءَ وَالْمَسَاكِيْنَ وَيَجْلِسُ مَعَهُمْ وَيَعُوْدُ مَرْضَاهُمْ وَيُشَيِّعُ جَنَائِزَهُمْ وَلَا يَحْقِرُ فَقِيْرًا

Kangjeung Nabi ieu cinta ka fakir miskin, resep ngariung jeung aranjeuna, ngalongok dimana gering, nganteurkeun janazahna jeung tara ngahinakeun ka jalma anu fakir.

 

Hadirin sidang jum’ah anu mulya

Tah kitu salhsawios akhlak kangjeung Nabi Muhammad SAW, kumargi sakitu hayu urang tingkatkeun mahabbah ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW ku jalan nyonto kana akhlak mantena sareung sering maos sholawat terutami di bulan Mulud ieu.

Mudah-mudahan Alloh swt maparin taufiq sareung hidayah ka urang sadayana. Amiin Ya robbal alamin.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

  AL-ZALZALAH &AL MAUN

No comments:

Post a Comment