Jum’at, 07 Desember 2018
PERJUANGAN ROSULULLOH SAW
اَلْحَمْدُ
لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ, وَالْعَاقِبَةُ لِلْمُتَّقِيْنَ. وَلَا عُدْوَانَ
اِلَّا عَلَى الظَّالِمِيْنَ. اَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ
اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى
هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. اَمَّا
بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ
وَاَحُثُّكُمْ عَلَى طَاعَتِهِ. فقال الله تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من
الشيطان الرجيم لَّقَدْ
كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللَّهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَن كَانَ يَرْجُو اللَّهَ
وَالْيَوْمَ الْآخِرَ وَذَكَرَ اللَّهَ كَثِيرًا
Saparantosna muji syukur ka hadirot Alloh swt. Shalawat
sinareng salamna mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya,
Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka sadaya kulawargina, para Sahabatna, sareng ka
sadaya pengikutna dugikeun ka akhir zaman, oge mudah-mudah urang sadayana
kengeng syafatul udma ti anjeuna. Amin Ya Robbal Alamin. Khotib wasiat,
khususna kanggo diri khotib pribadi sareng umumna kasadaya jama'ah, hayu urang
sami-sami Taqwa ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Nyaeta
kujalan, ngalaksanakeun naon rupi anu diparentahkeun ku Alloh SWT, sareng
nebihan sagala rupi anu dilarang-Na. Oge pamudah-mudahan urang sadayana kalebet
jalmi anu taqwa. Amin ya robbal alamin.
Hadirin Kaum Muslimin
Rahimakumullah
Hadirin
sidang jum'ah anu mulya
Sakumaha
kauninga ku urang sadaya yen Kangjeng Nabi Muhammad Saw dibabarkeun sina dinten
Senen, 12 rabi'ul awwal. Malihan sajabina ti dibabarkeun, dina dinten senen
seueur kajantenan anu tumiba ka Kangjeng Nabi, diantawisna nyaèta:
-
Kangjeng Nabi nampi wahyu anu munggaran dina dinten senen, 17 Romadon
-
Kangjeng Nabi angkat hijrah ka Madinah dina dinten senen, 12 Rabiul Awwal
-
Kangjeng Nabi pupus dina dinten senen, 12 Rabiul Awwal.
Nyakitu pantes upami Kangjeng Nabi nalika ditaros ngeunaan shaum dina dinten senen anjeuna ngawaler "Poè senen tèh poè kaula dilahirkeun, poè kaula diangkat jadi Nabi jeung poean diturunkeunana ka kaula Al-Qur'an"
Hadirin
kaum muslimin!
Diantawisna
sifat anu luhur ti kangjeng Nabi sateucana diangkat janten Nabi diantarana:
-
Salami Kangjeng Nabi jadi pangangon domba can pernah sakali oge nenggel
angonanana, atawa ngaluarkeun ucapan anu kasar sanajan ka sato
-
Kangjeng Nabi tara nganyerikeun hate babaturanana atawa lawana boh ku ucapan
atawa ku kalakuan, tapi salamina masihan bimbingan ka anu sejen ku conto anu
hade
-
Kangjeng Nabi pernah kapilih jadi hakim pikeun mutuskeun papaseaan antara
kabilah-kabilah Arab anu parebut pada hayang nempatkeun hajar aswad
Sareung
seueur deui anu sanesna.
Allah
ngadawuh dina Al-Qur'an
لَّقَدْ
كَانَ لَكُمْ فِي رَسُولِ اللَّهِ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ لِّمَن كَانَ يَرْجُو اللَّهَ
وَالْيَوْمَ الْآخِرَ وَذَكَرَ اللَّهَ كَثِيرًا
Temen-temen aya dina diri Kangjeng Nabi
Muhammad pikeun aranjeun picontoeun anu hade, pikeun jalma anu ngaregepkeun
Allah jeung Rasul-Na sarta pikeun jalma anu loba eling ka Gusti Alloh"
Para
wargi ahli jum'ah rohimakumulloh
Aya
6 hal anu pinunjul dina perjuangan Kangjeung Nabi, nyaeta:
1.
Ngangkat manusa tina kaancuran
Dina
hal ieu aya sababaraha widang anu disanghareupan nyaeta:
a.
Widang aqidah atawa tauhid
b.
Widang ekonomi
c.
Widang sosial
d.
Widang politik
e.
Widang kabudayaan
2.
Rahmatan lil alamin
Lamun
seug para Rosul sateuacana keur hiji bangsa atawa kaum, saperti Kaum Tsamud,
Ad, Bani Isroil jeung sajabana. Mangka Kangjeung Nabi Muhammad mah diutusna teh
keur sagala bangsa di sakuliah dunya. Karosulana lain ngan ukur sifatna lokal
atawa regional tapi internasional
3.
Meungkeut sabilulungan bangsa-bangsa
Lamun
seug rosul-roaul samemehna baheula ngumpulkeun pribadi-pribadi sina jadi hiji
bangsa, Kangjeung Nabi ngumpulkeun eta bangsa sina jadi hiji beungkeutan anu
kuat tur pageuh dina tauhid ka Alloh. Alloh ngadawuh dina surat Al-Hujurot ayat
13
يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّا
خَلَقْنَاكُم مِّن ذَكَرٍ وَأُنثَىٰ وَجَعَلْنَاكُمْ شُعُوبًا وَقَبَائِلَ لِتَعَارَفُوا
ۚ إِنَّ أَكْرَمَكُمْ عِندَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ ۚ "He sakabeh manusa saenyana Kami geus
ngajadikeun aranjeun jinisna lalaki jeung awewe nyakitu deui geus ngajadikeun
aranjeuna bangsa-bangsa jeung suku-suku bangsa sangkan aranjeun silih
kanyahokeun, jeung ari pang mulyana ti antara aranjeun nyaeta anu
pangtakwana"
4.
Prestasi dina sagala widang
5.
Kumpul sagala sifat kapamingpinan
Hadirin rohimakumulloh !
Mudah-mudahan
Alloh masihan hidayah ka urang sadaya sangkan tiasa nyonto sareung nulad kana
sagala akhlak rosululloh saw. Amin yaa robbal alamin.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْم. وَنَفَعَنِيْ وَاِيَّاكُمْ بِاْلاَيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. وَتَقَبَّلَ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ
No comments:
Post a Comment