Jum’at, 15 Januari 2016/ 5 Rabiul Akhir 1437
AJARAN
NABI MUHAMMAD SAW
اَلْحَمْدُ لِلهِ اَمَرَنَا بِاَنْ نَشْكُرَ اْلِاحْسَانَ, وَالَّذِيْ
هَدَانَا اِلَى اْلِاسْلَامِ وَاْلِاْيمَانِ. واَشْهَدُ اَنْ لَّااِلَهَ
اِلَّااللهُ وَاَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ
فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى هَذَا النَّبِيِّ الْكَرِيْمِ وَعَلَى اَلِهِ وَصَحْبِهِ
اَجْمَعِيْنَ.قال الله تعالى فى القران الكريم اِنَّ اللهَ مَعَ الَّذِيْنَ
اتَّقَوْا وَالَّذِيْنَ هُمْ مُحْسِنُوْنَ. اَمَّا بَعْدُ, فَيَااَيُّهَا
الْحَاضِرُوْنَ اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَاِنَّهُ يُحِبُّ
الْمُتَّقِيْنَ.
Sadaya puji kagungan
Allah Rabbul 'Alamiin. Urang sadaya manjatkeun puji sinareng syukur ka
Manten-Na, nyuhunkeun pitulung, sareng pangampunana-Na .
Oge urang nyuhunkeun
perlindungan ka Allah tina sagala rupi kajahatan anu aya dina diri, sareng tina
kalemahan amal-amal urang. Shalawat sinareng salam mugia salamina tetep
dilimpahkeun ka Jungjunan urang sadayana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW Oge ka
kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya pengikutna dugikeun ka Akhir
zaman, oge mudah-mudahan urang sadayana kaangken umat mantena, Amin ya robbal
alamin.
Hadirin Kaum Muslimin Rahimakumullah
Wasiat taqwa magrupikeun hiji hal anu paling penting dina shalat jumat, sahingga dimana aya hiji jumat anu dilebet khutbahna teu di sarengan ku wasiat taqwa, maka henteu sah eta shalat jumatna.Ku kituna dina kasempatan jumat ieu simkuring salaku khotib umajak, khususna kanggo diri simkuring pribadi, sareng umumna ka sadaya kaum muslimin.Hayu urang sami-sami Taqwa ka Allah SWT kalayan kataqwaan anu sabener-benerna. Jeung urang ulah maot kecuali aya dina islam
Hadirin sidang
jum’ah rohimakumulloh!
Cobi perhatoskeun
Hadis Nabi Muhammad SAW ani diriwayatkeun ku Imam Atturmudzi ti Ibnu Abbas.
كُنْتُ خَلْفَ النَّبيِّ صلى الله عليه وسلم يَوْمًا ، فَقَالَ : ( يَا غُلَام
، إِنِّي أُعَلِّمُكَ كَلِمَاتٍ : اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ ، اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ
أَمَامَكَ ، تَعْرِفْ إِلَى اللهِ فِي الرَّخَاءِ يَعْرِفْكَ فِـي الشِدَّةِ، وَاعْلَمْ
أَنَّ مَا أَخْطَأَكَ لَمْ يَكُنْ لِيُصِيْبَكَ ، وَمَا أَصَابَكَ لَمْ يَكُنْ لِيُخْطِئَكَ
، وَاعْلَمْ أَنَّ النَصْرَ مَعَ الصَبْرِ ، وَأنَّ الْفَرْجَ مَعَ الْكَرْبِ ، وَأَنَّ
مَعَ الْعُسْرِ يُسْرًا
“nalika
kaula dibonceng ku Rosululloh dina onta maka Rosululloh nyarios kieu: “Ya
Ghulam! Kaula rek mere ka maneh sababaraha ajaran. Jaga ku anjeun Alloh swt,
maka pasti Allah swt bakal ngajaga anjeun, jaga ku anjeun Alloh, anjeun bakal
manggihan Alloh dihareupeun anjeun, sareung saterasna....”
Maksadna ngajaga Alloh
teh nyaeta malihara ajaran-ajaranana ngajalankeun sakabeh parentah-Na jeung
ngajauhan naon anu dilarang-Na.
Lamun urang geus
bener-bener ngajalankeun sagala parentah-Na maka saolah-olah Allah aya dihareupeun
urang. Sagala kabutuhan urang bakal dibantu ku Allah swt.
Sakumaha dawuhanana di
Surat An-Nahl/16 ayat 128
اِنَّ اللهَ مَعَ الَّذِيْنَ اتَّقَوْا وَالَّذِيْنَ هُمْ مُحْسِنُوْنَ
“saenya-enyana
Allah swt eta nyarengan jalma-jalma anu taqwa jeung jalma-jalma anu sok
ngajalankeun kasaean.”
Ajaran anu kadua: Sing wawuh jeung Allah diwaktu senang
maka allah bakal wawuheun ka anjeun nalika susah
Para Hadirin Kaum
Muslimin!
Geus jadi
tabeat manusa sok poho ka Allah diwaktu senang tapi mana datang kasusahan;
meunang panyakit kakara inget ka Allah, kumari kitu dimana urang meunang
kasenangan kade ulah poho ka Allah.
Ajaran anu
katilu:
kanyahokeun ku anjeun yen naon-naon anu moal tumiba ka anjeun, moal keuna ka
anjeun, jeung naon-naon anu bakal keuna ka anjeun moal nyalahan. Dina hadis ieu
Kangjeung Nabi ngajarkeun ka urang umatna supaya ulah boga sipat borangan,
sabab lamun Allah bakal nyalametkeun, pasti urang bakal salamet, jadi urang teu
kudu sieun ku maot dina ngalaksanakeun ajaran-ajaran Allah swt. Maot eta bakal
datang daek teu daek.
Ajaran anu
kaopat: kanyahokeun ku maneh saenya-enyana kameunangan eta dibarengan ku
kasabaran. Jadi lamun urang hayang hasil cita-cita atawa maksad kudu sabar bari
jeung usaha.
Ajaran anu
kalima:
saenya-enyana ari kasenangan dibarung ku kasusahan.
Jadi lamun
urang hayang senang kudu ngalaman susah heula, kitu deui lamun urang meunang
kasusah ulah putus asa, da urang mah boga pangeran Allah SWT. Sakumaha
dawuhanana dina Surat Al-Hijr/15 ayat 56:
وَمَنْ يَقْنَطُ مِنْ رَحْمَةِ رَبِّهِ إِلَّا الضَّالُّونَ
“henteu aya anu putus asa tina rohmat Allah swt. Anging
jalma-jalma anu kasasar.”
Hadirin sidang jum’ah anu mulya
Mudah-mudahan Allah swt maparin taupiq sinareung hidayah
ka urang sadaya sahingga tiasa ngahontal darajat taqwa. Amin yaa robbal
alamin.
No comments:
Post a Comment